Minggu, 07 April 2013

Aki Jeung Balon


Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
kota bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
dibaturan ku sobat ngaran rancatan
anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

kakapalan kukudaan tarompet heunteu tinggaleun
geus biasa unggal poe ka unggal budak nawarkeun
ujang, eulis yeuh tingali barang aki
geura galeuh keur ameng engke di bumi

Aki! aki! Abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasep di aki mah henteu aya
Niupna ge aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari aki sakieu nya kakolotan

Mending oge kasep ieu yeuh kokoloceran
Lamun angin muterna teh aduh jeung tarik pisan
Resep teuing engke ameng lulumpatan

Aki! Ka dieu! Ketang da abdi mah moal meuli
Ulah kitu kasep bet abong ka aki-aki
Ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan teh pamali

Hiji dua lengkahna teuing ku beurat
Aya hate milu lewang paur umurna bret pegat
Teuing dimana si aki tetep nya matuh
Bodo dina iuh tanjung atawa dipayung layung
Ngan nu nyata kulitna asak ku poe

Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
Aki, mun ngajoprak di jambatan dimana nya pamatuhan
Aki, mun umur pegat dijalan saha anu ngarawatan
Aki! aki! Rek kamana lamun panon poe sare

Tidak ada komentar:

Posting Komentar