Minggu, 07 April 2013

Ibu Guru


Unggal dinten urang tepang
Di kelas Ibu ngawulang                                                   
Unggal dinten Ibu ngawuruk
Sangkan abdi seu’eur elmu
                                                                                                     
Soca Ibu anu bengras
Nyorotkeun asih piwelas
Suanten Ibu anu reuh reuy
Namplokeun elmu panemu

Ibu ageung jasana
Abdi seueur katiasa
Nyerat, ngetang, sareng maca

Jaga dina mang sana
Abdi janten jalmi nu pinter
Babakti ka nagara
Eta teh jasana Ibu . . .

2 komentar: